Bangké Ucing


            Kuring kakara balik ti kampus. Teu jauh ti éta patempatan kosan kuring memang aya kampus, didinya kuring kuliah. Kuliah ngaranna mah kuring téh. Ari jurusan anu jadi pilihan kuring nyaéta Élmu Pamaréntahan. Ceuk nu awam mah asa ku gagah ceunah majarkeun téh calon ménak, bisa nyalon jadi bupati sagala. Padahal ceuk anu ngarti mah, éta jurusan téh teu ngajanjikeun. Sok komo éta universitas tempat kuring nyungcruk élmu téh lain negeri alias swasta téa. Padahal ku jaman kiwari nu ngarana sarjana téh geus pabalatak boh ti universitas negeri boh ti swasta. Ceuk kuring sok mindeng ngagerentes dina haté, nya rék jadi naon ari kuring sanggeus lulus engké. Ah, tapi percaya waé kana rejeki ti Alloh.

            Barang gék diuk dina didipanan di téras hareup kaangseu aya anu rada anéh kana pangambung. Ah teu dipaliré, ari sugan téh bau kaos kaki waé da kuring sadar geus ampir samingguna teu di seuseuh éta kaos kaki téh. Maklum, da puguh kaos kaki ngan hihijina, diseuseuh téh ngan saukur lamun poé minggu waé da puguh keur teu dipaké. Teu lila, sapatu geus dibuka duanana, sarta kaos kakina geus dibuka sarta diasupkeun kana éta sapatu kulit nu geus maturan kuring leuwih aya opat  taunna.

            Kuring uluk salam bari keketrok kana panto hareup. Tapi anéh, ibu kos anu biasana langsung muka panto téh rada lila kaluarna. Atawa anjeuna keur ngaos ka masigit, ceuk gerentes kuring dina haté. Ah tapi da ayeuna mah poé Kemis, pangaosan di masigit mah Salasa jeung Jumaah. Naha kamana ieu ibu kos, kuring mapat pangimplengan.

            Barang gagang konci dicekel, aéh naha teu dikonci. Lamun kitu mah carana, Bu Ida téh aya di bumi. Tapi naha anjeuna keur kamana, maenya panto diketrok sakitu tarikna dibarengan uluk salam nepi ka teu kadangu pisan. Atawa anjeuna nuju di jamban? Ah naha da waktu asar mah tacan asup.

            Kuring rerencepan sarta ati-ati pisan asup ka éta imah. Ti téras, terus ka rohangan tamu, ka rohangan kulawarga tempat dimana Bu Ida jeung kulawargana sok lalajo telepisi. Tapi nu ditéangan weléh teu aya. Naha enya Bu Ida téh keur di cai. Maenya teu kareungeu gewar-gewur cai. Kuring teu genah pipikiran kuayana nu boga imah taya di imah teu kawas biasana. Jaba éta panto teu dikonci. Mana talobéh-talobéh teuing lamun enya keur indit-inditan ti imah téh, ceuk kuring dina haté. Pan ayeuna mah keur usum pisan nu ngaran bangsat asup beurang-beurang teh.

            Barang kuring ngaléngkah deui, kakuping aya sora jalma nyengruk ceurik. Barang diteges-teges éta sora jalma ceurik teh asalna ti kamar Ibu Ida. Kakuping mani dugi ka uerih-euriheun nangisna. Dina haté kuring yakin yen Bu Ida nuju nangis. Ngan, anu teu jadi kayakinan kuring cukang lantaran kuanaon anjeuna dugi ka kudu muragkeun cimata sagala. Naha aya pacogrégan jeung Pa Iskandar, carogéna? Atawa boga kanyeri ku Burhan, anakna nu cikal. Sabab nya kitu Si Burhan mah pagawéanana ulin, sakola teu bener, pagawéan ngéntaan duit unggal poé, jeung réa-réa deui pagawéanana anu teu balég.

            Kuring teu wani rék asup téh. Sanajan kuring yakin éta nu ceurik Ibu Ida, kuring teu wani asup ka kamarna. Sanajan geus kawas ka kolot sorangan, da tetap deungeun-deungeun bari jeung anjeunna awéwé kuring lalaki. Sanajan anjeuna geus kolot ogé, tetep ari nu ngarana syétan mah jahat, sok bisi aya fitnah.

            Ahirna kuring asup ka kamar kuring sorangan. Ceuk pikir, keun baé da engké ogé biasana lamun Ibu Ida aya anu baris hayang diomongkeun ka kuring, utamana upama anjeuna aya masalah. Kuring sadar, anjeuna ogé asa ka anak sorangan, bari jeung geus percaya pisan ka kuring téh. Kukituna, sagala anu dirasakeun ku ajeuna, anu sakira-kira teu bisa disimpen sorangan dina ati, sok diomongkeun ka kuring, minangka tempat balaka. Kuring ogé sok rajeun ngupingkeun tapi tara loba koméntar komo mamatahan, kawantu anjeuna teh leuwih kolot ti kuring.

            Enya baé, barang kuring kakara bérés tas ti cai, anjeuna nyalukan. Meureun anjeuna ogé terangeun yén kuring geus balik kuliah.

            “Andi, cing kahandap sakedap, Ibu aya nu badé didugikeun!”

            “Mangga, Bu, Sakedap nya, Bu, Andi nganggo raksukan heula”.
Teu lila ti éta, kuring gancang turun. Dina haté geus teg waé yén anjeuna rék curhat masalah anu ayeuna keur karandapan.

            “Aya pikersaeun naon, Bu?”

            “Calik heula geura, Di!”

            Kuring diuk dina korsi méh pahereup-hareup jeung Ibu Ida. Diperhatikeun téh enya waé dua socana bareureum jiga nu tos nangis dugi ka carindul sagala. Kuring olohok mata simeuteun, bari jeung teu sadar yén kuring keur pahareup-hareup jeung Ibu Ida. Teu lila ti éta anjeuna duka sadar duka henteu ujug-ujug ramisak deui. Cai socana ngabarabay mapay pipina, jiga walungan leutik anu caina herang kacida.

            Kuring beuki bingung. Naha ieu mah mani béda ti sasari. Biasana mah upama aya masalah, teu dugi ka nangis samodel kitu. Bu Ida weléh teu acan balaka perkara naon anu dirasakeun ku manahna dina danget éta. Kuring ge teu wani muka obrolan lantaran bisi dianggap teu sopan. Kuring ngan saukur bisa tungkul ninggal térlas.

            Hujan ogé aya raatna. Ahirna Ibu Ida betus kana kajadian anu tumiba kaanjeunna poé éta. Cenah anjeunna téh meunang kanyeyeri ti tatangga sabeulah. Ari nu jadi cukang lantaran kualatan bau bangké di deukeut imah. Asa nyambung jeung rarasaan kuring, ari panyana téh pangambeu kuring wungkul di hareup bau bangké téh.

           Ceunah ceuk Bu Ida, tatangga sadayana nyararios yén bau bangké téh asalna tina wadah sampah di payuneun bumi Bu Ida, anu disimpenna di luhureun gorong-gorong. Sadayana nyangka kitu kusabab ka bumi ibu Ida sok sering aya tamu ti tebih, ti basisir kidul. Ari jangjang-jingjing na téh biasana sok lauk laut. Atuh saréréa oge apal yén peujit éta lauk laut téh kacida pisan hanyirna.

            Atuh puguh tatangga-tatangga téh mikirna yén éta peujit lauk téh dipiceun ka eta wadah sampah. Padahal kuring gé nyaho pisan, satiap Ibu Ida meunang kiriman lauk laut, peujitna tara dipiceun ka éta wadah sampah tapi sok langsung ka Tempat Pembuangan Sampah nu aya di sudut kampung, deukeut pangkalan ojég. Kuring sorangan anu sok dipiwarangna ogé saupama Bi Sumi keur di bumina.

            Atuh nguping kasauran kitu ti Ibu Ida, ujug-ujug nyel waé aya ambek dina haté. Nya utamana mah ambek ka jalma, heueuh sebut waé tatangga anu geus wani nyebarkeun fitnah kitu. Ibu Ida téh kasebut jalma nu bageur pisan di éta kampong sanajan teu bisa disebut sampurna, mungguh jalma mah teu aya nu sampurna. Beunang disebut Bu Ida téh jalma béréhan, méré mawéh ka tatangga sarta tara dudupak rurumpak ka tatangga. Atuh naha wawalesna goréng, malah difitnah ku hal nu teu sapira bari jeung can puguh éta téh salah anjeunna.

            “Naha saha jalmina nu nyebatkeun yen éta bau bangké téh dilantarankeun ibu miceun peujit lauk ka tempat sampah, Bu?”, kuring nalungtik.

            Bu Ida sakedapan mah ngahuleng, teu acan betus. Jika keur nimbang-nimbang, naha kudu bener-bener dibéjakeun ka kuring jalmana. Sanajan raheut haténa, Bu Ida masih kénéh ngémut yén kuring téh budak ngora, anu bisa waé ujug-ujug nyel ambek terus ngagugudag jeung ngumbar amarah ka éta jalma. Jigana kitu.

            “Di, puluh-puluh taun ibu the ngumbara di ieu tempat, asa kakara ibu difitnah samodél kitu. Da raraosan ibu mah, teu gaduh lepat ka batur. Malah, lamun aya rejeki, ibu tara poho-poho teuing ka batur, Di. Tapi naha bet aya nu nyangka yén bau bangké lantaran peujit lauk nu dipiceun ku ibu ka tempat sampah. Kapan Andi nyalira anu sok miceunna ogé langsung ka TPS di kulon”.

            “Sumuhun, Bu. Naha ku téga éta jalma. Andi ogé sayogi pisan janten saksi, Bu. Urang candak wae ieu masalah ka Pa érté. Tuman pisan jalmi téh. Ngarah isineun sakantenan, Bu, pan ibu mah teu lepat”, ceuk kuring rada nyanyahoanan.

            “Ah, entong, Di. Bisi kapapanjangan. Éta lain jalan nu pangsaéna, malah matak jadi ngalegaan bohak éta mah”, ceuk Bu Ida nolak.

            Kuring cicing, teu bisa ngomong deui. Bisi disangka ngomporan, mamanas ka anjeuna. Sajongjongan mah kuring mikir, naha naon nu jadi sabab musabab éta bau.

            Bu Ida nyegruk deui ceurik. Kuring teu téga jeung bingung kudu kumaha nu dipilampah. Tapi teu lila Bu Ida koloyong ka kamar na. Kuring teu nyahulag. Malah kuring langsung kaluar ti imah, koloyong ka bumi Pa érté. Rék ngawanikeun manéh lapor, sanajan Bu Ida teu satuju. Keun waé dan maksud kuring mah bener.

            Bérébét sagala rupa nu dicaritakeun ku Bu Ida kukuring dibéjakeun ka Pa érté. Anjeuna kaasup pamimpin bijak, ngarti kana naon anu dimaksud ku kuring. Lain rék néangan saha nu  bener saha nu salah. Tapi rék nalungtik naon anu jadi sabab éta bau nu sabener-benernya.

            Keur uplek ngobrol, kana panto aya nu keketrok bari uluk salam.

            “Wa’alaikumussalam…Saha? Asup waé, da teu di konci!” waler Pa érté.

            “Abdi Pa, Yusuf”, bari koloyong asup ka imah. Enya waé Yusuf, putra Bu Surti. Yusuf mah bageur, soléh, béda jeung indungna. Saréréa ogé apal, Bu Surti mah lampahna teu hadé, teu bisa ngajaga ucapan. Loba nu nyeri haté ku omongan manéhna.

            “Aéh, geuning aya kang Andi. Kaleresan pisan”, ceuk Yusuf marahmay. Kuring ngan mésem saeutik bari ngasongkeun leungeun. Pa érté ogé sasalaman.

            “Aya naon Jang Yusuf?” ceuk Pa érté teu ngantep.

            “Kahiji abdi téh nyanggakeun silaturahmi Pa. Teras anu kadua, abdi téh badé lapor Pa, itu..eu…ucing abdi teu aya tos tilu dinten”, ceuk Yusuf balaka sanajan bari rada dareuda.

            “Ké, ké, naha Jang Yusuf boga ucing?” Pa érté nalungtik satengah teu percaya.

       Barabat Yusuf nyarita, yén ucing téh pamanggih anjeunna ti sisi jalan. Kaayaanana ripuh, bangunna geus lila teu manggih baranghakan. Katambah suku tukangna potong sabeulah, bangun urut karindes motor. Ucing téh teu bisa leumpang. Kusabab karunya jeung geugeut, ku Yusuf dibawa, dirawatan. Tapi, kanyaah Yusuf ka sato téh teu sarua jeung indungna. Antukna, barang Yusuf keur kuliah, indungna miceun eta ucing. Tapi teu ngaku.

            “Oh…kitu. Naha da Bapa mah teu manggih ucing, Sup”.

            “Muhun, Pa. Manawi waé abdi mah. Sanés ku ucing-ucingna teuing. Tapi bilih paéh di payuneun bumi batur, heug jadi bangké, ngabauan ka batur. Atuh abdi panginten nu dosa”, ceuk Yusuf.

            Kuring ngarénjag. Omongan Yusuf naha bet nyambung jeung obrolan kuring tadi jeung Pa érté.

            Pa érté ogé ngarasa jiga kuring. Antukna, teu dililakeun deui, kuring tiluan kaluar ti imah, mapan jalan jeung solokan. Énya waé éta bau bangké teh pahang pisan. Beuki lila, beuki seukeut kaambeuna. Deukeut gorong-gorong, handapeun tempat sampah.

            Pa érté ngoréhan tempat sampah bari nutupan pangambungna ku kopéah haji na. Yusuf talang-téléng kana solokan. Ari kuring kalah ka ngahuleng tapi bari panon neuteup seukeut ka na liang gorong-gorong. Tina liang jiga-jiga pasuliwer nu haliber. Laleur…

**
Yusuf turun kana gorong-gorong. Bangké ucing diangkat, dikarungan. Geus ruksak pisan kawantu geus rada lila. Tuluy éta bangké di kuburkeun.

            Jalma mah sok ningali leuwih gampang ningali kagoréngan nu aya dina diri batur batan kagorengan manehna sorangan. Di warung Mang Ubad, kuring jeung Pa érté jadi apal yén nu ngupat perkara peujit lauk téh Bu Surti. Wallahu’alam….

****
Sukabumi, Desember 2012

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Cerpen Suara Hati

Pelayanan Publik dan Pemuda