ASÉP WUNGKUL



Lulus sarjana téh lain jadi leungit kapusing, lain béak karuwet. Geus lulus jadi sarjana élmu pamaréntahan téh kuring bet nambahan karingrang na haté. Geus puguh ari keur kuliah mah, komo keur nyusun nu ngaranna skripsi. Pusing kaliwat naker. Méh unggal peuting diuk dina hareupeun komputer téh, menerkeun naskah skripsi meunang nyorétan dosén pembimbing. Aya ku édas éta dosén, teu kireum-kireum nyorétan skripsi kuring. Nepi ka aya nu hiji bab dicorét kabéh. Kabina-bina.

            Tapi wajar éta mah. Heueuh geus puguh da ari mangsa harita mah waktuna élmu panemu nu diulik dalapan seméster téh diuji. Saréréa oge nu geus sarjana mah ngalaman meureun. Enya meureun, da geuning ayeuna mah gampang di sawatara kampus mah hayang meunang és-hiji téh. Enya Sarjana maksud teh. Aya nu kuliahna kakara minggu kamari langsung milu wisuda minggu hareup. Aneh.

            Tapi nu matak jadi pikir keur kuring ayeuna lain masalah éta. Keun waé lah masalah éta mah da geus kitu aya na. Keun waé batur mah kitu asal urang ulah kabawa ku sakaba-kaba. Da nu salah moal pahili jeung nu bener. Ngan ieu mah nu jadi sual teh pikeun kuring can manggih kénéh gawé. Lulus téh geus genep bulan katukang. Bulan Agustus taun kamari geus lulus tur kaasup mahasiswa nu meunang gelar cum laude. Tapi, cum laude téh euweuh pangaruhna geuningan, da buktina nepi ka ayeuna geus bulan Maret taun nu anyar can kénéh manggih gawé. Da puguh enya, pamaréntah nangtukeun yén taun ayeuna moal narima pagawé nagri, moal aya seléksi. Ceuk basa nu palinter mah moratorium téa cenah. Cilaka, sarjana élmu pamaréntahan nu gawéna daék teu daék kudu jadi pamong praja teh moal kapaké ari kieu carana mah. Enya, cilaka kuring yeuh!

            Atuh puguh hal éta pikeun kuring mah jadi pasualan badag. Naon sabab? Kuring téh pan sasatna tisuksruk tidungdung hayang kuliah téh. Jauh ti kolot, ngilu jeung emang anu memang boga kalungguhan di kantorna handap-handap ogé. Sugan jeung sugan cenah ari satadina mah anjeuna bisa ngasupkeun gawé. Nu matak, tadina teu daék ége kuring téh sasat dipaksa ku abah jeung ema ngarah nurut waé ka emang. Enya waé, nurut sagala rupana, daharna, mondokna, sagalana. Pon kitu deui jurusan dipangmilihkeun ku emang saluyu jeung kalungguhan anjeuna di kantor. Ngarah gampang asup gawé ka kantor emang, pokna téh. Enya, opat taun katukang nyarios kituna téh. Ngan henteu ari biaya kuliah mah, dan kuring ti mimiti seméster dua meunang béasiswa mahasiswa pinunjul ti gupernur ditambah kuring wirausaha leuleutikan, ngajual pulsa.  

            “Janji emang téh teu bisa ditedunan, Sép. Di kantor téh teu aya lowongan. Sanajan aya ogé karunya emang mah da ayeuna mah euweuh anggaran keur ngagajih honorér,” ceuk emang dina hiji peuting waktu kuring mencétan anjeuna.

            Sajongjongan mah kuring cicing waé, teu ngajawab. Da puguh bingung. Asa ku hayang geura-geura gawé teh, hayang geura prak mapatkeun élmu panému ti kampus téa. Salian ti éta, hayang geura gawé téh kapan karunya ka si abah, geus sepuh masih kénéh banting tulang. Nya, ari kuring kitu geus tara ménta, ngan pan adi kuring masih sakola SMA kelas hiji. Baheula, dina implengan kuring geus dicita-cita, mun kuring lulus kuliah rék tuluy milu gawé. Enya, atuh meureun nu ngabiayaan sakola si bungsu adi kuring téh moal abah tapi kuring. Kitu kahayang téh. Kari-kari ayeuna nguping kasauran emang kitu, atuh kuring téh jadi bingung kaliwat saking. Ras inget kana janji kuring ka abah hayang ngabantuan ngabiayaan sakola adi kuring.

         “Oh, muhun pami kitu maha sawios waé, Mang. Tos kalintang pisan seueurna abdi nyusahkeun Emang. Sawios, badé milari waé padamelan satiasa-tiasa.”

            “Naha, nya geus hayang pisan gawé téh, Sep?” ceuk anjeuna muru.

            “Tangtos, Mang. Kapan hoyong énggal ngabantosan abah anggo biaya si bungsu, hawatos ka abah” ceuk kuring balaka.

            “Kayungyun. Yeuh, Lo, emang ogé baheula teh kawas anjeun. Ngan hayang gawé téh geuning teu gampang. Emang gé ti mimiti jadi tukang sasapu di kantor, da puguh ngan lulus és-dé. Ngan, sabisa-bisa emang bari sakola. Nya lumayan lulus kesetaraan ogé, mun ayeuna mah pakét C meureun. Ari alo hayang gawé téh kana naon?” ceuk anjeuna ditungtungan ku nanya.

            “Nya hoyong mah di kantor, Mang. Tangtos waé dina padamelan anu saluyu sareng jurusan abdi,” ceuk kuring teu loba mikir.

            “Hayang langsung di kantor?” anjeuna nanya deui. Kuring rada teu ngarti. Tapi laju ngajawab laun.

            “Sumuhun, Mang. Panginten gajihna ogé ayaan,” ceuk kuring teu éra-éra.

            “Tong hayang langsung ngeunah, Sép. Sagala rupa gé kudu nété tarajé nincak hambalan, aya tingkatanana. Emang gé kapan jadi pesuruh heula, teu ngurangan darajat geuning. Malah ayeuna emang gé dipercaya ku pimpinan,” saurna mapatahan.

Kuring simpé. Naha kitu kasauran emang teh. Teu kaharti ku akal kuring mah. Naha emang téh hayang kuring gawé heula jadi tukang sasapu cara anjeuna. Naha maké kudu kitu. Kapan béda jaman baheula jeung kiwari. Jeung deuih, kapan béda kuring jeung anjeuna. Anjeuna mah waktu mimiti gawé téh lulusan és-dé, pantes jadi tukang sasapu heula ogé. Kapan kuring mah és-hiji. Naha duméh jaman geus barobah, ayeuna mah lulusan és-hiji téh ngan saukur payu jadi tukang sasapu. Keur naon atuh sakola luhur ari ngan ukur jadi tukang sasapu mah. Ah, tetep teu ngarti kuring mah kana maksud Si Amang teh. 

Ti saprak harita kuring jarang cicing di imah. Pagawéan téh ngan diuk waé di hareupeun komputer warnét. Unggal aya lowongan gawé nu anyar ku kuring dibaca taliti pisan. Pon kitu deui lamun aya koran gogoléran beunang meuli nu boga warnét, sok diinjeum. Sugan jeung sugan aya lowongan gawé anu pas jeung haté tur ijazah kuring. Tapi tétéla, keur jurusan kuring mah euweuh hiji gé nu manjing.

Tepi ka hiji waktu, dina facebook kuring aya béja yén hiji bank anyar keur néangan pagawé. Dina éta béja ditétélakeun yén anu dibutuhkeun téh sarjana anu anyar kaluar, fresh graduate cenah istilahna. Malah sarjana anu dibutuhkeun téh ti sagala widang élmu, teu diwilah-wilah. Harita, kuring langsung ngalamar, da bisa cenah ngalamar ngalangkungan internét heula ogé, dina situs éta bank. Cukup ngasupkeun data ngaran, nomer KTP, jeung kasarjanaan.

Saminggu ti harita hasil seléksi online téh geus kaluar dina situs téa. Gumbira naker. Ngaran kuring, Asép, aya dina daftar. Enya Asép waé wungkul da ngan sakitu ngaran nu dipaparin ku abah jeung ema téh. Duka teuing kumaha sajarahna atuh. Abong urang kampung, méré ngaran ogé sok sangeunahna waé, asal aya ngaranan budak téh. Sok sirik kadang ku babaturan mah, ngaranna téh aralus. Muhammad Panji Gumilang, ngaran babaturan kuring di kampus. Tapi, ah teu nanaon, mudah-mudahan waé sakitu oge jadi du’a nu hadé. Enya, Asép, sugan enya jadi kasép. Kasép rupa na, kasep haténa. Amin pisan.

Harita éta pangumuman jelas pisan aya ngaran kuring. Asép. Asép wungkul, ngan sakitu-kituna. Ah teu dipaliré ari nomer KTP jeung biodata nu séjén mah, da geus puguh ngaran kuring aya didinya. Moal mungkin aya nu nyaruaan ngaran Asep wungkul. Da batur mah biasana Asep teh aya papanjangna, naha Asep Muhidin, Asep Bule, Asep Odoy, Asep Kartiwa, jeung sajabana. 

Kuring gura-giru nyiapkeun sagala kaperluan lamaran. Surat lamaran gancang nyieun, niron tina buku “Membuat Surat Dinas/Resmi” karangan Nanang Kustiawan. Pon kitu deui sarat-sarat anu séjénna ku kuring geuwat dilengkepan. Bérés harita téh tilu poé ogé.

Geus lengkep ari berkas namah. Anu tacan aya téh amplopna. Keun lah, da kantun mésér ka tukang foto kopi di hareup. Bada magrib ogé sok muka kénéh toko éta mah. Atuh, bérés solat magrib di musola téh, kuring mah tuluy balanja.

“Timana, Sép?” Ceuk Bi Tati, garwana emang, waktu kuring népi ka imah tos ti toko téa.

“Mésér ieu, amplop, Bi. Kanggo ngalamar damel,” ceuk kuring balaka.

“Damel dimana téa, Sép?” anjeuna nanya bangun panasaran.

“Di bank, Bi. Énjing kedah dikintunkeun lamaranana sakantenan seléksi tulis”, waler kuring. Nuju ngobrol kitu, torojol emang ti kamar tos wiridan.

“Dédéngéan teh rék ngalamar ka bank, Sép?” ceuk anjeunna nanya bangun geus ti tatadi ngadangukeun guneman kuring jeung bibi.

“Sumuhun, Mang!” jawab kuring pondok.

“Bank dimana?” anjeuna talété.

“Upami seléksi na mah di Bandung, namung teu terang di tempatkeunana mah. Da upami teu lepat mah aya sarat kedah sanggem ditempatkeun di mana waé di sakumna wilayah Indonésia,” waler kuring rada panjang.

“Aéh aéh, naha Asép sanggup kitu ditempatkeun di peuntas?” si Emang nanya deui.

“Ah, kanggo kuring mah sanggem wae, Mang,” jawab kuring luluasan.

“Ah, nya enya ketang ari jiwa lengoh kénéh mah dimana-mana ogé bari sakalian nyiar pangalaman,” ceuk Bi Tati mairan.

“Enya ari kitu na mah, tapi pan sasatna emang téh kaamanatan ku abah anjeun, Sép. Atuh, teu sakantor jeung emang gé, nya didieu didieu atuh di Sukabumi, ulah jauh teuing. Asa melang. Nya ngalamar jadi naon?” anjeuna naliti.

“Upami teu lepat mah program MDP, manager development program, kanggo janten ménéjer, Mang. Sanaos sakola deui,” jawab kuring balaka. Da nu kukuring dibaca mah kamari dina situs na kitu.

“Naha ku luhur-luhur teuing kahayang teh atuh. Sagala gé kudu ti handap heula. Mun langsung di luhur mah sok tara karasa paitna heula jadi teu karasa ogé amisna. Teu ngarasaan heula paitna jadi bawahan, balukarna jadi teu inget ka batur, teu nyaah ka bawahan, teu inget ka dulur”, ceuk si emang nu saeutik ogé teu dipikaharti ku kuring. 

Naha anjeunna téh bet nyarios kitu. Naha teu meunang mun jalma aya kahayang ngarobah hirupna? Naha teu meunang jalma boga cita-cita anu luhung? Naha si emang gaduh émutan yén kuring bakal poho ka dulur teu nyaah ka batur ku alatan boga jabatan. Ah, beuki teu ngarti kuring mah. Padahal, Pa Ustadz kungsi nyanggemkeun yén Allah moal rék ngarobah kaayaan hiji kaom mun éta kaom téh teu ngarobah nasibna sorangan. Naha ieu mah kalah sabalikna. Saolah-olah emang kuring téh ngalarang kuring boga kahayang, ngalarang kuring ihtiar. Lieur sugan…

Atuh isukna bral waé kuring indit ka Bandung. Jam dua janari ti Sukabumi téh. Dikira-kira, bakal tepi ka Terminal Leuwi Panjang jam lima. Rék Solat subuh di Bandung waé, kitu maksud téh. Tapi sapapanjang jalan Sukabumi-Bandung, dina beus kuring ngalamun. Duh, asa dosa kacida. Dasar kuring téh budak euweuh kaéra, euweuh rasa  rumasa. Taun taun hirup numpang di emang, ari ahirna kalah ngalawan. Peuting harita, waktu si emang saolah-olah nyaram kuring ngalamar gawé jadi ménéjer téh kuring ngomong kieu:

“Ah, teu kabéh jalma kedah ti handap heula atuh, Mang. Badé iraha majuna pami kedah janten kékéséd batur heula mah,” Sakitu, teu kurang teu leuwih. Harita, éta kasauran téh matih pisan. Enya, si emang teu ngawaler deui. Kitu deui Bi Tati. Duka teu bisa ngadebat deui, duka bakatning ku nyeri haté ku omongan kuring. Anu balukarna kuring ngalamun, asa dosa pisan.

Lamunan téh panjang, sapanjang jalan raya Sukabumi-Bandung. Teu karasa kuring geus anjog di Leuwi Panjang, enya pisan jam lima leuwih lima menit. Tuluy kuring muru ka musola terminal. Geus kitu muru ka tukang bubur ayam. Pesen bubur ayam samangkok. Teu kungsi lila eusi mangkok geus pindah kana beuteung kuring.

Bérés mayar bubur. Arloji dina pigeulang leungeun nunjukkeun tabuh genep kurang dua puluh menit. Clak kuring naék Damri. Tabuh genep langkung lima puluh tos dugi ka Cicadas. Jrut turun. Terus naék ojég ka GOR Cikutra, tempat tés téa. Pas pisan tabuh tujuh anjog di GOR téh.

Ojég geus dibayar, malah dileuwihan. Tukang ojég nganuhunkeun baru kunyam-kunyem jiga nu enya ngaduakeun da nyaho kuring rék tés. Terus kuring muru ka jero rohangan GOR. Kasampak geus réa pisan jalma nu rék miluan tés téh. Tapi kuring teu gimir, dan geus puguh tempat tés kuring aya di Blok A, kitu deui nomer peserta na. Pokona mah geus apal pisan dan meunang nga-download téa tina situs éta bank.

“Para peserta, diharap segera menempati tempat duduk yang telah disediakan. Jangan lupa, berkas lamaran segera diserahkan kepada petugas di setiap blok”, ceuk hiji sora awéwé dina sapéker.

Gagancangan kuring muru ka Blok A. Map nu eusina sarat-sarat kalengkepan lamaran téh tacan dipasihkeun ka patugas. Kuring néangan heula korsi tempat diuk kuring. Tapi, geus ditéangan dikuriling sababaraha kali weléh teu kapanggih. Meunang tilu balikna kuring nyusud téh, tapi teu kapanggih kénéh. Barang ninggali hiji korsi nomerna 1002, kuring gumbira sabab nomer kuring 1001. Pasti moal jauh, digigireunana paling ogé. Tapi kuring héran, korsi nu di gigireunana geus aya nu ngadiukan.

“Punten, dupi ieu korsi leres nomerna 1001?” ceuk kuring nanya ka nu keur diuk dina éta korsi.

“Muhun, Kang,” ceuk nu keur diuk ngaakangkeun. Bari leungeunna ngagésérkeun map anu nutupan méja nu ngahiji jeung éta korsi tea. Ngahaja meureun rék ningalikeun nomerna nu kahalangan ku éta map.

Barang ditingali, bener waé éta méja téh nomerna 1001. Kitu deui ngaranna, bener Asép. Teu kurang teu leuwih, Asép wungkul.

“Akang calikna dimana kedahna?” ceuk kuring sarua ngaakangkeun. Éta jalma bangun bingung ku pananya kuring. Ari maksud kuring bisi manéhna korsina di tempat séjén tapi ngilu heula diuk didinya.

“Naha nyarios kitu, kang? Pan puguh abdi mah didieu calikna. Ieu meja abdi. Tah geuning nomer abdi pan 1001, nami abdi Asép, teu kirang teu langkung,” ceuk anjeuna lengkep pisan bari sopan naker. Atuh kuring rada reuwas. Walah, jigana ieu mahluk téh ngabohong, ceuk kuring dina haté. Teu percaya. Tapi kuring teu ieuh ninggalikeun kaambek, tetep leuleuy nanya deui.

“Leres wasta téh Asép?” ceuk kuring nanya bari rada teu percaya.

“Leres!” ceuk manehna. Rada nyereng ayeuna mah, tur dibarengan ogé ku ngaluarkeun KTP tina loketna. Enya waé ngaranna Asep, teu kurang teu leuwih.

“Naha nya, da kuring ogé nami téh Asép, Kang! Sami deuih abdi gé Asép téh Asép waé wungkul,” ceuk kuring. Manéhna katinggali rada reuwas jeung teu percaya. Kuring ningalikeun KTP. Embung éléh. Duanana jadi ngahuleng. Kuring jeung manéhna sarua bingungna. Jadi Asép nu mana atuh anu boga hak diuk dina éta korsi téh. Sakedapan kuring jeung manéhna ngan ukur ngahuleng.

“Kenapa, Mas?” ujug-ujug aya saurang patugas nanya.

“Euu…ieu Pa, aya masalih sakedik,” ceuk kuring dina Basa Sunda. Ah, ku Sunda waé da kuring mah urang Sunda, jeung di Bandung deuih, ceuk pikir téh.

“Kumaha kitu, Kang?” ceuk si patugas deui. Ayeuna mah dina Basa Sunda.

“Ieu, Pa, nami abdi sareng si Akang ieu sami, Asép. Duanana Asép, teu nganggo papanjangna, Asép waé wungkul”, ayeuna Asép nu keur diuk nu ngjawab.

“Terus, masalahna naon?” ceuk patugas tacan ngarti.

“Enya, abdi sareng ieu Kang Asép sami-sami ngalamar dina internét ka ieu bank. Barang ku abdi diriksakeun dina pangumuman, enya waé abdi katampi. Nomer peserta na 1001. Tapi kuring reuwas, bet korsi abdi tos aya nu nyalikan nyaéta Kang Asép ieu”, ceuk kuring rada panjang.

“Pan kuring ogé sarua Asép”, ceuk Si Asép nu keur diuk. Rada teugeug bangun ambek.

“Nya, pan jenengan Asep di Jawa Barat téh seueur panginten, Kang. Kumaha atuh nya duh…”, ceuk si patugas bangun keur mikir.

“Tah, ayeuna mah kieu, ari nami mah tiasa waé sarua, tapi nomer KTP mah moal”, ceuk éta patugas sanggeus mikir rada lila.

Kuring jeung si Asep hiji deui téh buru-buru mariksa KTP sewang-sewangan, diakurkeun jeung nu aya dina keretas pengumuman meunang nyitak. Kuring reuwas campur éra. Enya waé éta nomer KTP téh teu sarua. Ngandung harti Asép nu aya dina éta pangumuman téh lain kuring. Barang ditinggali enya waé nomer KTP si Asép nu lain kuring nu bener mah. Cilaka.

Kuring sanuk-sanuk ménta dihampura. Kuring ngaku kuring nu salah. Si patugas mah ngan gigideug bari mesem tuluy manéhna indit. Meureun manéhna ogé kakara meunang lalakon model kieu mah, sarua jeung kuring. Atuh kuring ogé tuluy waé indit da teu penting deui aya didinya. Sanajan haté dipinuhan ku kaéra, beungeut gé jigana beureum pisan. Ambek aya. Hayang seuri gé aya.

Sapapanjang jalan Sukabumi-Bandung kuring ngalamun. Naha atuh bisa kieu jadina. Naha atuh abah méré ngaran téh kuirit-irit teuing. Asép téh ngan Asép waé wungkul. Jadi kuring kaéraan. Tapi ras deui inget ka si emang. Duh, moal kitu pédah kuring boga dosa ka manéhna. Duh, dosa ti kolot meureun….Hampura emang.

Beus Jurusan Sukabumi-Bandung 
Maret 2012






Komentar

Postingan populer dari blog ini

Cerpen Suara Hati

Pelayanan Publik dan Pemuda