Bangké Ucing
Kuring kakara balik ti kampus. Teu jauh ti éta patempatan kosan kuring memang aya kampus, didinya kuring kuliah. Kuliah ngaranna mah kuring téh. Ari jurusan anu jadi pilihan kuring nyaéta Élmu Pamaréntahan. Ceuk nu awam mah asa ku gagah ceunah majarkeun téh calon ménak, bisa nyalon jadi bupati sagala. Padahal ceuk anu ngarti mah, éta jurusan téh teu ngajanjikeun. Sok komo éta universitas tempat kuring nyungcruk élmu téh lain negeri alias swasta téa. Padahal ku jaman kiwari nu ngarana sarjana téh geus pabalatak boh ti universitas negeri boh ti swasta. Ceuk kuring sok mindeng ngagerentes dina haté, nya rék jadi naon ari kuring sanggeus lulus engké. Ah, tapi percaya waé kana rejeki ti Alloh. Barang gék diuk dina didipanan di téras hareup kaangseu aya anu rada anéh kana pangambung. Ah teu dipaliré, ari sugan téh bau kaos kaki waé da kuring sadar geus ampir samingguna teu ...